Diberdayakan oleh Blogger.
RSS
Container Icon

SASAKALA SITU BAGENDIT

SASAKALA SITU BAGENDIT
Baheula aya hiji randa beunghar, katelahna Nyi Endit. Ngaran sajatina mah Bagénda Endit. Manéhna téh kacida pisan peditna. Geus taya nu bireuk deui kana kapeditana téh. Éstuning lain babasan hirup nyorangan téh . Cicingna ogé ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahanana nu upliu-uplak. Maksudna mah taya lian, ti embung campur jeung batur da sieun kasoro téa. Ku kituna, disebut Bagénda Endit, hartina Bagénda anu pedit.
Kacaturkeun harita téh keur usum panén di ditu di dieu ceuyah ku nu dibaru. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari sanggeus dibuat sarta paréna dikaleutikeun, Nyi Endit nyieun sodakoh. Ngondang lebé jeung sawatara tetangga. Popolahna téh saniskara ku sosorangan waé,teu aya saurang ogé nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tukuy diondang ngariung tumpeng. Atuh nu ngariung téh sakeudeung gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh, daharna teu waregeun.
Solongkrong aya aki – aki bongkok nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditarik teu ditakon. Nya pok aki – aki téh nyarita yén teu kuat ku lapar, sugan aya asih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit nyarékan : “Ngésé – ngésékeun !!! Teu boga kaéra, teu ngahutang gawé ménta bagéan. Teu lila di dinya éta aki – aki téh diusir, disia – sia dititah nyingkah.
Aki – aki indit bari teu dibéré nanaon ku Nyi Endit, ngan meunang kanyeri wéh sabab dicarékan ku Nyi Endit. Méméh indit éta aki – aki ngomong kieu, “ Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, bakal taya wawalesna. “
Ngomong kituna téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna dalahar, sémah amita rék baralik. Karék gé ngalaléos, rugreg ngarandeg, sabab aya nu patinggarero, “Caah, caah!!” cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna éta cai, ngan leb wé ka pakarangan.
Nyi Endit kakeueum, atuh jalma – jalma téh pahibut, geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé kitu, niat rék nyingkahan cai, tapi barang ka luar pisan ti imahna cai téh lir ombak laut, nembrag ka Nyi Endit. Imah Nyi Endit kekeueum nepi ka laput jeung Nyi Enditna.
Nyi Endit eueuleugegan, bari satungtung bias mah teu weléh – weléh sasambat ménta tulung. Tapi teu aya nu nulungan da baturna gé sarua ripuhna. Lila – lila Nyi Endit tilelep ku lantaran caina beuki dieu beuki gedé. Nepi ka ayeuna éta lembur téh jadi situ, anu nelah Situ Bagendit. Nyokot ngaran tina Bagénda Endit.


sumber buku bahasa sunda kelas V penerbit erlangga

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

1 komentar:

Dapurku Labolatoriumku mengatakan...

hatur nuhun geulis.tadi ukeun sasakala situ bagendit

Posting Komentar